Monday 10 March 2008

Conto keur arurang...

Ku sabab dina kamanunggalan jeung Al Masih teh aya pepeling, aya panglipur ti asih-Na, aya apingan Ruh, aya silih asih, sarta silih pikanyaah; sabab eta, dulur-dulur, sampurnakeun kabungah simkuring teh, ku jalan sing sahate, sapikir, sakanyaah, sajiwa, sarta sing sauyunan. Ulah pakia-kia atawa pagirang-girang tampian; anggur kudu handap asor, mandang batur leuwih luhur harkatna. Ulah ngan inget kana kaperluan sorangan bae, kaperluan batur oge kudu diperhatikeun. Aranjeun kudu miboga sipat eta, sakumaha Al Masih tea. Kapan Al Masih teh, ari wujud-Na mah, salira Allah; tapi sanajan kitu, Anjeunna henteu kamagungan. Eta kaagungana-Na teh, anggur dianggo kumawula; Anjeunna ngajadi saharkat jeung manusa, nyorang hirup sakumaha manusa ilahar. Estuning ngalaipkeun Anjeun, ta'at-Na, tug nepi ka pupus: Paragat nyawa disalib. Nu matak ku Allah, Anjeunna teh, dijungjung pangluhurna sarta dipaparin gelaran pangpunjulna, nepi ka sakabeh nu di sawarga, nu di bumi, jeung nu di alam kubur sarujud ka Anjeunna anu ngagem jenengan Isa. Kabeh baris ngaku: "Isa Al Masih teh Gusti Panutan," pikeun kamulyaan Allah anu jumeneng Rama.

No comments: