Friday 7 March 2008

Estu anugrah...

Karajaan Sawarga teh, ibarat hiji jelema anu rebun-rebun geus indit neangan kuli, nya sina digawe di kebon anggurna. Sanggeus putus yen piburuheunana sadinar sapoe, terus kuli-kuli digarawe. Kira-kira pukul salapan, manehna indit deui, ka pasar; di dinya manehna manggih nu keur ngaligeuh, terus ditawaran gawe, pokna: 'Hayu gawe di kebon anggur kula, buruhna pantes.' Tuluy maranehna arindit digawe. Kira-kira pukul dua belas jeung pukul tilu, nu boga kebon teh indit deui, cara tadi. Kira-kira pukul lima, geus burit, indit deui bae neangan jelema. Geus manggih diajak ngomong: 'Ku naon tingjaranteng bae ti isuk?' Walonna: 'Teu aya anu ngulikeun.' 'Hayu atuh milu, digawe di kebon kula.' Sanggeus reupreupan, nu ngulikeun teh nitah ka mandor: 'Sina kumpul nu digarawe teh, buruhanana bayar. Heulakeun bayar anu daratang pangburitna.' Tuluy nu daratang pukul lima sore dibayar ti heula sadinar sewang. Anu daratang pangisukna, maranehna nyangka rek dibayar leuwih gede. Tapi wet, sarua sadinar keneh. Bari nampanan buruhan maranehna gegelendeng: 'Nu daratang pangburitna digawena ukur sajam, ari bayaranana wet disaruakeun jeung anu ngadedeluk ti isuk keneh bari moe maneh.' Cek anu ngagawekeun: 'Dulur-dulur, kula henteu pilih kasih. Lain geus akur urang teh, buruhna sadinar sapoe? Geus, geura tarima ku maraneh, jeung geura balik. Hanas anu daratangna pangburitna dibayar sarua jeung aranjeun, atuh eta mah geus niat kula kitu. Na teu meunang kula make duit sorangan sakahayang? Atawa maraneh sirik pedah kula bageur?

----------

Nu leuwih eces mah dawuhan ka Rabeka, basa Rabeka keur kakandungan kembar ti carogena, Isak tea, karuhun urang. Ti memeh kakandunganana tea medal, jadi acan lakon hade atawa goreng, nu hiji enggeus dipilih sarta Allah geus netelakeun yen pamilih Mantenna henteu dumasar kana hade gorengna kalakuanana, estu wungkul ku karana pangersa-Na bae. Kieu dawuhan-Na:
'Lanceukna bakal kumawula ka adina.'
Oge kauni dina Kitab:
'Ka Yakub Kami teh asri, ari ka Esau mah giruk.'
Kumaha ari kitu! Naha urang rek nyalahkeun, majarkeun Allah teu adil! Baheula Mantenna ngadawuh ka Musa:
'Kami rek mikarunya ka sakur anu geus ditangtukeun ku Kami.
Kami niat ngurniaan ka sakur nu geus kapilih ku Kami.'
Eta teh, netelakeun yen Allah henteu gumantung kana kahayang atawa tingkah laku jelema. Kabeh gumantung kana pangersa-Na. Oge dina Kitab aya dawuhan Mantenna ka Piraon: 'Nu matak maneh ku Kami dijungjung teh lantaran ku Kami arek dipake pikeun nembongkeun kakawasan, supaya ngaran Kami kakoncara ka sakuliah dunya.' Jadi, Allah mah, mikawelas teh ka saha bae anu kamanah ku Mantenna; kitu oge, upama Mantenna ngersakeun jelema jadi bedegong, nu mana bae.

Meureun cek aranjeun: 'Ana kitu, naha atuh Mantenna sok ngaweweleh kalakuan manusa, da saha atuh jelemana anu bisa mapalangan kana pangersa-Na?' Kieu saenyana: 'Ambeu, naha saha manusa teh make wani-wani ngalawan ka Allah?' Upama urang barang jieun, eta barang anu dijieun teh moal bisa nyalahkeun kieu: 'Ku naon kuring dijieun kieu?' Upamana bae Ki panjunan, tangtu bisa kumaha karep kana taneuh lempung, naha rek dijieun wadah anu endah atawa anu basajan bae. Jadi, upama Allah rek nibankeun bebendu jeung pangawasa-Na ka anu ku Mantenna rek dibenduan jeung diruksak, tapi kersa nyabaran keneh; eta teh taya lian, ti seja mintonkeun kamulyaana-Na anu tanpa wangenan, ka nu baris dipiwelas jeung baris diangkat kana kamulyaan. Nya eta urang tea, anu ku Mantenna geus disaur. Ari nu disalaur teh lain ngan ti urang Yahudi wungkul, tapi ti bangsa-bangsa sejenna oge. Sakumaha dawuhna-Na dina kitab Hosea:
'Anu tadina lain umat Kami, seja diaku jadi umat Kami.
Kami seja nerapkeun kaasih ka anu tadina henteu dipikaasih.
Kitu deui di tanah anu tadina disebut:
Maraneh mah lain umat Kami,
baris diaku jadi putra-putra Allah Anu jumeneng.'
Nabi Yesaya oge, kieu saurna ngeunaan urang Israil teh: 'Sanajan bani Israil lobana, lir keusik lautan, nu baris dirahayukeun mah ngan sabagean leutik.' Sabab sakur anu ku Pangeran geus ditimbalkeun, tinangtu ku Mantenna dibuktikeun di ieu bumi kalawan sahinasna tur sampurna. Memeh eta, Nabi Yesaya nyaurkeun kieu:
'Cacakan upama Pangeran henteu ngarikeun binih, nasib urang teh moal beda ti nagara Sadumu jeung Gomora.'

No comments: