Tuesday 4 March 2008

... tanda, pikeun anu palercaya...

Sabab upama biwir ngaku, yen Isa teh Gusti Jungjunan tur percaya dina hate, yen Anjeunna ku Allah geus digugahkeun ti nu maraot, tanwande urang ginanjar salamet. Kapan percaya teh ku hate, ngalantarankeun urang diangken bener. Ari ngaku teh ku biwir, anu ngalantarankeun urang disalametkeun. Cek Kitab: 'Sakur nu percaya ka Anjeunna, ku Anjeunna moal diangles.' Sakur teh, hartina, sing saha bae kalawan teu dibeda-beda, taya urang Yahudi taya urang Yunani. Sabab Allah anu tunggal teh Allah nu disembah ku kabehan, lautan kurnia keur sakur anu sumambat ka Mantenna. Sabab sing saha anu sumambat ka pajenengan Pangeran, tinangtu disalametkeun. Tapi kumana arek sumambat ka Mantenna, ari maranehna embung percaya ka Anjeunna? Kumaha arek percaya ka Anjeunna, ari henteu ngadenge? Kumaha arek ngadenge hal Anjeunna, ari teu aya anu ngabaran? Saha anu rek ngabaran, ari teu aya nu diutus? Cek Kitab: 'Ku endah langkahna jalma-jalma anu ngemban warta pikabungaheun!'

Sabab dunya teh, pohara nya diasihna ku Allah; nepi ka Putra Tunggal-Na oge dipasrahkeun, supaya sing saha anu percaya ka Anjeunna ulah nepi ka binasa; tapi sabalikna, bisa tinemu jeung hirup abadi. Pangna Allah ngutus Putra-Na ka alam dunya teh, lain rek ngahukum, enyana mah rek nyalametkeun alam dunya ku parantaraan Putra-Na. Saha bae anu percaya ka Anjeunna, moal dihukum; anu baris dihukum teh, anu embung percaya sabab henteu ngandel ka nu ngaran Putra Tunggal Allah tea.... Rama nu mikaasih ka Putra geus masrahkeun sakabeh perkara ka Anjeunna. Anu percaya ka eta Putra, tangtu tinemu jeung hirup langgeng. Tapi anu henteu anut ka Putra mah, moal papanggih jeung hirup; sabalikna, pinasti nandangan hukuman Allah."

Da ari pikeun Jamaah mah, mending ukur lima kecap, tapi matak kaharti; ti batan rebuan kecap dina basa anu teu pikahartieun. Dulur-dulur, pikiran teh, ulah kawas budak; kudu kawas budak soteh, kana sual kajahatan; ari pikiran mah, kudu sawawa. Dina Kitab Suci Toret kaungel: 'Kami rek ngandika ka ieu bangsa, lain ku jalma-jalma anu asing basana wungkul, tapi make biwir urang asing oge. Sanajan kitu, ieu bangsa teh moal nurut!' Kitu pangandika Pangeran. Tina hal ieu tetela, yen basa ajaib teh tanda lain pikeun anu palercaya, tapi pikeun anu teu palercaya. Sabalikna, anugrah nepikeun nubuwatan mah tanda pikeun anu palercaya, lain pikeun anu teu percaya. Pek wang-wang, upama Jamaah keur kumpulan, masing-masing ngaromong ku basa anu teu puguh unina tea; heug, datang jalma-jalma awam atawa nu can palercaya, atuh aranjeun teh disebut ngacambling? Sabalikna, lamun aranjeun, masing-masing, nepikeun nubuwatan mah, jalma awam atawa nu can percaya teh bisa katarik sarta picatur aranjeun baris dilenyepan. Bisa jadi, ahirna maranehna ngabudalkeun eusi hate sarta sembah sujud ka Allah bari bijil ucapna: 'Leres aranjeun teh disarengan ku Allah!'

No comments: