Sunday 9 March 2008

Nothing, but the grace of God...

Ahirna, maranehna jadi cekcok marebutkeun saha nu unggul. Ku Isa diwawadian, saur-Na, "Ari di bangsa-bangsa, raja-raja teh marentah ka rayatna, anu nyarekel kawasa disebutna pelindung rayat. Maraneh mah ulah kitu. Anu dipikolot di maraneh mah malah kudu daek jadi pangngorana, anu jadi pamingpin kudu daek jadi juru laden. Cik antara nu dilaladenan dahar jeung anu ngalaladenanana luhur mana? Luhur anu dilaladenan. Tapi kapan Kami oge di maraneh teh pelayan. Maraneh salawasna babarengan jeung Kami, sajeroning Kami nyorang sagala cocoba. Sarta Kami geus nangtukeun hak-hak Karajaan pikeun maraneh, nya eta hak anu gues dipaparinkeun ka Kami ku Ama. Jadi, maraneh boga hak dahar nginum sameja jeung Kami di jero eta Karajaan. Jaba ti eta, maraneh ge dibere kalungguhan pikeun nerapkeun hukum ka dua belas kaom Israil.

Simun, Simun! Tuh Iblis geus ngincer ka maneh, rek ditapikeun kawas ka gandum. Tapi maneh ku Kami geus dipangnedakeun, supaya ulah nepi ka pecat iman. Di mana geus tobat, maneh wajib mere sumanget ka pada batur." Jawab Petra, "Jungjunan, abdi rido dipanjara atanapi kedah paeh babarengan sareng Jungjunan!" Tapi saur Isa, "Cek Kami: "Petra, peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali mungkir, nya eta nyebutkeun teu wawuh ka Kami."

..................................

Geus kitu, Anjeunna angkat ka luar kota kawas sasari, nya eta ngajugjug Gunung Jetun sarta diiring ku murid-murid-Na. Sasumpingna ka ditu Anjeunna sasauran, "Maraneh kudu sembahyang supaya ulah beunang ku dodoja." Geus sasauran kitu, Anjeunna mencilkeun anjeun jauhna kira-kira sapamaledog; tuluy bruk nyuuh bari sasambat, "Duh Ama, manawi kenging mah, candak ieu lumur kasangsaraan teh ti Abdi; sanaos kitu, ulah numutkeun panuhun Abdi, nanging pangersa Ama nu kedah laksana." Ti dinya, aya malaikat ti langit nembongan ka Anjeunna pikeun maparin sumanget. Anjeunna teh keur katarajang kasieun anu pohara; sasambat-Na beuki husu. Cikaringet-Na lir tetesan-tetesan getih, nyakclakan kana taneuh. Tamat ngadu'a, lajeng cengkat nyampeurkeun murid-murid. Maranehna teh kasampak keur sarare teu kawawa ku nalangsa. Ku Anjeunna disauran, "Naha sarare? Harudang! Heg sarembahyang, supaya ulah beunang ku dodoja."

...................................

Isa geus ditangkep, dibawa ti dinya, digiring ka bumi Imam Agung. Petra nuturkeun ti kajauhan. Di tengah buruan bumi aya anu keur mirunan diparake siduru, Petra milu siduru. Katenjoeun ku hiji gandek awewe, sanggeus neges-neges pok manehna ngomong, "Tah ieu ge baturna itu." Ku Petra dipungkir, "Lain, wawuh ge henteu ka dinya teh!" Teu lila aya deui anu ngomong, pokna, "Maneh ge sarombongan jeung itu!" Petra mungkir deui, "Lain, lain!" Heuleut sajam, pok deui bae, aya nu ngomong, tandes pisan pokna, "Sidik ieu jalema teh baturna itu, urang Galilea keneh!" Tapi cek Petra, "Lain, kuring mah teu nyaho-nyaho!" Harita keneh kadenge hayam kongkorongok. Isa ngareret ka Petra. Ras Petra inget kana kasauran Anjeunna: "Memeh hayam kongkorongok peuting ieu, maneh geus tilu kali mungkir, nyebut teu wawuh ka Kami." Leos bae, manehna indit bari ceurik, awahing ku nalangsa.

-----------------------------

"Lord, I remember that special way,
I vowed to serve you, when it was brand new.
But like Peter, I can't even watch and pray, one hour with you,
And I bet, I could deny you too.

But nothing lasts, except the grace of God,
by which I stand, in Jesus.
I know that I would surely fall away,
except for grace, by which I'm saved."

(from Grace by Which I Stand, by Keith Green)

No comments: