Monday 24 March 2008

Dibedol ka ditu ka dieu...

Da naon atuh ari hirup teh? Pikeun simkuring mah, hirup teh, nya eta Al Masih. Jadi, paeh teh mangrupa hiji kauntungan. Tapi upama simkuring diparengkeun panjang umur sarta bisa migawe hal-hal anu penting, kumaha atuh pihadeeunana? Lebah dieu, simkuring teu bisa nangtukeun mana anu kudu dipilih! Asa dibedol ka ditu ka dieu: Aya hayang geura los mulang ngahiji jeung Al Masih; sabab eta anu panghadena mah; tapi aya oge hayang tetep keneh hirup, tina ngaraskeun ka dulur-dulur. Panghadena, pikeun aranjeun mah, upama simkuring tetep hirup.

No comments: